Kaca:Hujan Munggaran - Genep Carita Pondok 1957.pdf/46

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

sanggeus manehna pindah ka Bandung. Manehna nyaritakeun naon-naon anu kapanggih jeung kaalaman sanggeus manehna jadi urang Bandung — atawa leuwih hade urang sebut bae jadi urang Bandung deui, da manehna teh puguh terah ti wewengkon Bandung — kalawan gumbira pisan, da karek panggih deui, Kolotna mah ti tadi oge teu pipilueun narepungan, da ngarasa lain bageanana meuren. Ngan tadi bae basa kuring mimiti asup, nepangkeun. Ari geus kitu mah ka jarero deui bae, da cenah: 'Nu anom mah sareng nu anom deui bae, emang aya padamelan saeutik'. Tuluy asup ka jero, sanggeus kuring unggeuk tanda satuju. Unggeuk teh tadina mah ambeh gampang nyarita ngedalkeun kagandrung ati, tapi nya eta ceuk kuring oge, bet teu ku hanteu, barang geus adu-hareupan mah ngadak-ngadak laleungitan deui teu pupuguh, kawas anu boga aji halimunan bae. Lamun ceuk kai dalang mah meureun 'leungit tanpa lebih ilang tanpa karana' pibasaeunana teh. Nya atuh antukna mah biasa bae nyarita teh, da kuring tetep teu bisa milih wancina anu mustari pikeun ngedalkeun kagandrung. Letah dibabandulan ku beusi bobot sarewu kati rarasaan teh, mun kuring geus boga niat nyaritakeun sual eta. Da buktina ari nyarita sual anu sejen mah asa babari pisan, jilinit,¹) jilinit bae cenah mun dibasakeun kana mobil anu laju nyemprung mapay jalan leucir Jakarta ka Puncak mah.

Tepi ka peuting hujan can raat keneh bae. Atuh tungtungna mah kuring maksakeun maneh balik ka imah, da teu jauh ti dinya, tangtu bae babaseuhan. Najan manehna ngahulag oge, nyaram ulah waka balik, malah tepi ka nitah meuting sagala di dinya, tapi hate henteu mikeun. Kuring maksakeun balik, bari teu narima rek dibere nginjeum jashujan oge.

Barang rek jung pisan balik, manehna mikeun amplop ka kuring. Ku kuring eta amplop teh tuluy diendongan¹), da ari rek dibaca di — dinya mah bisi diserangkeun ku kolotna ti jero. Jeungna deui, bisi ungelna surat nu dina amplop teh ..... manehna micinta kuring.

Kuring lumpat gagancangan, hayang buru-buru tepi ka imah.

1) jilinit: julunut, geleyer, semprung (Jatiwangi). 2) diendongan: disakuan, dikantongan (Jatiwangi).

44