Kaca:Hujan Munggaran - Genep Carita Pondok 1957.pdf/47

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Hayang buru-buru maca suratna.

Sadatang-datang teu sabar deui kuring muka eta amplop anu singhoreng henteu dirapet. Pangira tangtu lantaran ieu nang nyieun tadi, geus taya waktu geusan ngarapet heula: barang kuring maca eusina, bet ngarasa lucu pacampur jeung ambek. Lucuna teh lantaran kuring boga angkeuhan anu nemen teuing padahal eta teh nyalahan, ari ambekna da ku henteu nyana. Dina eta surat teh — anu teu lian ti surat-uleman — disebutkeun yen kulawargana ngaharepkeun pisan kuring jeung anu lianna anu meunang uleman ti manehna datang dina waktu diresmikeunana papacanganana ka Sidik. Eta anu teu nyana teh, anu ngalantarankeun kuring ngarasa lucu jeung ambek, manehna bet tungtungna papacangan jeung Sidik, anu sataun nu geus kaliwat kacida pisan dipikaijidna. Tetela Sidikna teh Sidik cunihin tea, da di dinya disebutkeun lemburna jeung ngaran kulawargana deuih.

— Paingan tadi barang aing nyebutkeun yen si Sidik kaluar ti sakola manehna ngan ukur imut, singhoreng anuna, ceuk kuring na hate.

Eta amplop teu terus dibaca, lung bae dialungkeun ka juru, sina pabaur jeung runtah, bongan da mapanas wungkul.

Hujan terus ngagebret teu daek raat tepi ka isukna deui. Hujan anu munggaran turun di panyabaan mawa kajadian anyar kana kahirupan kuring sabagi jalma anu teu weleh micinta manehna, anu sawatara mangsa deui nu bakal kasorang tangtu geus jadi juragan-istri Sidik, jalma anu tadina kacida pisan dipikaijidna ku manehna.

Hujan munggaran teu daek raat, sarua jeung teu daek raatna kaheran jeung kakeuheul kuring ka Sidik lantaran eta kajadian — kajadian waktu hujan anu munggaran.



Jakarta, 15 Oktober 1957.

45