Kaca:Hujan Munggaran - Genep Carita Pondok 1957.pdf/48

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

NU LEUWIH PENTING


BAPA

MANI geus kawas hayam keur endogan bae, estuning henteu pisan ngeunah cicing. Meusmeus jig ka ditu, jig deui ka dieu, cilingcingcat teu puguh polah, semu anu bingung pisan.

— Tangtu aya deui pamenta indung-tere anu anyar, ceuk dina pikir.

Biasana oge ngan ari aya pamenta ti indung-tere bae bapa boga peta kitu teh. Huleng-jentul kawas bakatul teu beunang ditanya-tanya acan. Bapa teu bisa ngalawan pamajikanana. Sagala pamenta nu holna ti pamajikan, geus samar hamo tinekananana. Kudu bae gancang ditedunan, sangkan nu jadi pamajikan ngarasa sugema. Meureun pedah bapa inget kana paribasa yen sagala kabagjan teh jolna ti pamajikan, mana kitu oge. Najan batur mah nganggap yen gudang-kabagjan teh nu jadi anak, tapi bapa boga pamanggih sorangan dina hal ieu mah. Sabab, ti mana holna anak, ti mana jolna kabagjan, lamun lain ti pamajikan. Kapan sanggeus boga pamajikan sarerea oge bogana anak teh, jaba mun anak di luar tikah mah.

Ongkoh sabab can tangtu anak jadi gudang kabagjan teh. Mun seug enya mah kabagjan teh holna ti anak, meureun bapa ngarasa sugema boga anak kuring teh. Sedeng buktina mah henteu. Malah bet semu nu susah kacida bapa boga anak kuring. Pedah eta meureun, kuring tara nurut kana sagala parentahna, sedeng kapan mah mikahayang sangkan kuring nurut. Tapi mun ku urang dijujut

46