Kaca:Hujan Munggaran - Genep Carita Pondok 1957.pdf/49

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

deui mah lain eta sababna. Mun seug bareto bapa teu pepegatan jeung indung kuring, bapa meureun moal ngarasa susah boga anak kuring teh. Sabab masih katalian ku pamajikanana, indung kuring. Tapi nya ku sabab ieu pisan, sabab maranehna parepegatan, akibatna karasa ku kuring, anakna.

Maranehna parepegatan, tuluy karawin deui. Bapa kuring nya kawin deui ka wanita nu jadi indung-tere kuring, ari indung kuring kawin ka jalma anu ayeuna jadi bapa-tere kuring. Sarta ku sabab bapa kawin deui ka nu lian, atuh sumber kabagjaanna oge milu pakoasi. Ari bareto mah indung kuring, nepi ka kuring milu kaceretan, ari ayeuna nya indung tere kuring buktina. Jeungna deui, upama enya mah anak nu jadi sumber kabagjan teh, meureun bapa moal pusing-pusing teuing kawas ayeuna. Da buktina bapa-tere kuring ngarasa bagja kacida kawin ka indung kuring teh. Sabab indung kuring boga anak, nya kuring jeung lanceuk kuring buktina, sedeng manehna can boga, da puguh bujangan keneh basa ngarangkep ka indung kuring teh.

Bapa-tere kuring kacida pisan nyaaheunana ka kuring jeung ka lanceuk teh, lantaran kuring anak indung kuring nu ayeuna jadi pamajikanana. Sarta sabab pamajikan teh sumber kabagjan, atuh kuring oge kaceretan ku kaasih bapa-tere. Mun seug indung-kuring teu boga anak mah, kuring teh moal ngarasa nyaahna nu jadi bapa-tere. Nya kitu deui bapa kuring. Lantaran indung-tere kuring nu ayeuna teh boga anak, atuh anakna ge kaceretan kanyaah bapa. Mun kongang mah da sakalian ku kuring disebutkeun bae, yen kanyaah bapa nu bareto tamplok ka kuring jeung lanceuk teh, ayeuna mah bahena ka anak-tere bapa jeung anak-anakna ti pamajikan nu ayeuna, nya indung-tere kuring tea buktina.

Tah, ku sabab bapa boga anggapan yen sagala kabagjan teh ti pamajikan pisan holna, atuh bapa oge satekah-polah ihtiar sangkan nu jadi pamajikan senang ngahenang-ngahening salawasna. Ari jalanna sangkan eta maksud kahontal, taya lian iwal ti kudu nedunan sagala pamenta nu jadi pamajikan. Ulah bon anu kadada-kaduga, dalah anu menta pangorbanan leuwih ti kitu oge kudu ditedunan. Kumaha bae ari carana mah, nu penting mah lebah nyumponanana.

47