Kaca:Hujan Munggaran - Genep Carita Pondok 1957.pdf/50

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Nya ku sabab ieu pisan deuih, bapa kacida pisan soson-sosonna — digawe teh. Lantaran nu jadi salaki teh kudu nyumponan pamenta pamajikan, jadi kudu enya-enya digawe. Patokan sepi ing pamrih rame ing gawe teh dijalankeun enya-enya ku bapa mah. Demi pamajikan nu kudu ngarasa senang salawasna, bapa suka-lilah pisan toh pati jiwa raga teh. Najan naon bae oge anu bakal kasorang, teu piduli¹). Pokona, anu pangpentingna, pamajikan kudu senang sarta rumah-tangga teu tiiseun.

Tepi ka antukna mah bapa teh geringan. Sababaraha kali utahna oge. Atuh ari utah sautah-utahna mah ku kuring oge moal rek dicatur di dieu. Tapi sabab utahna teh lain utah samanea matak ku kuring dicaritakeun oge. Utah! Sakali borolo teh geus kudu bae aya nu beureum-beureum milu kaluar. Bapa teh utah-getih, sabab sepi ing pamrih rame ing gawe tea. Tapi, demi pamajikan anu kudu ngarasa senang salalawasna, teu piduli. Komo mun ngingetkeun mah, yen pikeun ngahontal hiji pamaksudan teh perlu pangorbanan. Tah, batuk nu dibauran ku utah-getih tea oge nya mangrupa pangorbanan. Pangorbanan nu suci, „demi” cinta pamajikan nu teu beunang laas pedah aya pamenta anu teu kacumponan. Kumaha bae akalna mah, sangkan eta katedunan. Sarta nurutkeun buktina mah, batuk jeung utah-getih ge mangrupa pangorbanan tea kapan.

Nya kitu deui harita. Bapa geus teu ngeunah cicing, dumeh aya pamenta pamajikanana anu kudu buru-buru ditedunan. Najan kuring can nyaho oge naon eta pamenta teh, kuring geus bisa mastikeun. Malah teu ukur kitu bae, da saenyana mah kuring teh can nyaho-nyaho acan naon nu jadi sabab pang bapa nepi ka bingung kitu. Ngan nurutkeun pangalaman nu enggeus-enggeus, tina lacak nu geus kasorang, asana hamo mengpar-mengpar teuing lamun kuring boga sangkaan kitu oge.

Barang kuring asup ka jero, kasampak bapa keur ngahuleng bae dina korsi di pangkeng. Katenjona semu anu bingung naker. Geus sababaraha poe bapa jig ka ditu los ka dieu, neangan jalma anu bakal bisa dipentaan tulung, enggoning nyanghareupan pamenta pamajikan. Teu kalis ku sepi ing pamrih rame ing gawe pamenta teh masih ngaburudul keneh bae unggal bulan. Malah ari diitung-

1) piduli: paduli (Jatiwangi).

48