Kaca:Hujan Munggaran - Genep Carita Pondok 1957.pdf/51

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

itung mah, pamenta nu unggal bulan tea mah geus mangrupa acara maneuh. Eta mah geus aya dina rarancang sepi ing pamrihna, dina ugeran balanja. Ari nu matak bingung mah lain eta, lain. Kuring bisa nangtukeun yen lain acara-maneuh nu ayeuna disanghareupan teh. Tapi meureun nu disebut selinganana tea. Da kapan ari jang acara-maneuh mah geus aya cadangan ladang sepi ing pamrih tea. Jadi najan can nyaho oge naon-naonna, moal salah-salah teuing mun kuring wani nyebutkeun yen ayeuna nu dipikabingung teh acara-bebas.

Sabab kuring geus rada lumayan oge wanoh kana sipat nu jadi bapa, kuring teu nanyakeun nanaon. Kacida pisan pibahyaeunana, mun kumawani tatanya teh. Malah ari keur kitu teh bapa mah satekah-polah ihtiar sangkan batur teu pipilueun. Ngahuleng bae di kamarna tempat digawe, tepi ka deng magrib mun dimimitian ti asar, atawa tepi ka deng isa mun ngamimitianana ti magrib. Upama geus disada bedug teh, eureun heula, salat. Meureun itung-itung istirahatna mun lalajo bioskop tea mah. Ari geus rengse salat mah, hih teu beunang dipuntangan, ngahuleng deui bae nuluykeun hanca. Ari geus manggih jalan karek lugay mun dibasakeun ka nu tatapa tea mah. Berag deui sabiasa, teu pisan aya tapak-tapakna urut mikiran kasusah teh. Tuluy heureuy deui jeung adi-adi kuring ti indung-tere nu ayeuna, ngadongeng deui.

Sabab kuring harita nenjo yen bapa keur huleng-jentul bae, kuring teu nanya nanaon. Diantep bae, da taya gunana nanya oge. Paling untung meunang mata buburileukan pikagigiseun.

Bapa ngan ukur ngareret ka kuring nu tuluy diuk dina korsi hareupeunana. Teu nanya sakecap-kecap acan, tas ngareret teh leng deui bae mikir. Ngareret mah itung-itung pilem pegat bae, ari geus nyambung deui mah maen deui bae sabiasa, ngahuleng. Kuring oge teu obah-obah, cicing bae ngadagoan ditanya. Nya tungtungna mah bapa teh nanya:

— Iraha datang?

— Tadi, walon kuring kalawan gumbira pisan. Ari pangna gumbira mah da atuh puguh ieu teh mangrupa hiji jalan.

Upama bapa geus daek nanya mah taya hesena mun kuring nuluykeun nyarita oge. Geus euweuh pikarisieun, henteu kawas

49