tadi basa bapa ngahuleng keneh. Ayeuna mah rek nanya naon bae oge teu hese, da jalan geus ngabulungbung, nang¹) maprasan²) bapa sorangan. Bapa nu muter pilem-ekstrana, kuring nu ngalalakonkeunana.
— Pa, kuring nuluykeun nyarita da salawasna oge asa kapalang mun nyarita sapotong-sapotong teh.
Bapa ngalieuk, tuluy neuteup rada lila. Kuring jadi asa-asa neruskeun omongan teh. Da bongan kalah ka diteuteup kitu. Tapi sanggeus ngawani-wanikeun maneh mah nya kaluar omongan teh:
— Adegan nu di pungkur teh kanggo naon pa?
— Keur dapur, tembal bapa. Aya naon kitu? Maenya¹) maneh can nyaho mah.
— Ari terangna, terang ti saha? kuring nanya deui, malikkeun pananya bapa. Sareng deui, maenya dapur mani ageung pisan kitu mah.
— Lain ngan dapur bae, tapi jang tempat aki ongkoh.
— Na bakal kersaeun kitu? Moal-moal acan kersaeun aki di dinya teh. Upami ngalereskeun nu aki bae mah kapan henteu miceunan ongkos pa.
— Bapa oge hayang menerkeun mah. Ngan ari modalna euweuh rek kumaha geura.
— Kanggo ngalereskeun teu aya, ari ngadamel nu anyar aya. Ti mana?
— Puguh kahayang ema eta teh, Pay. Lain kahayang bapa sorangan, da bapa mah geus ngarasa cukup ku dapur nu ayeuna oge. Tapi eta teh kahayang ema.
— Ema deuih nu mikahoyong aki di dinya teh? kuring nanya.
— Enya, walon bapa.
Barang ngadenge walon bapa kitu teh saenyana mah geus kaampeuh ku hayang seuri. Da karek harita kuring ngadenge yen indung-tere kuring boga niat ngamumule mitoha teh. Asa gugur teu angin dunya teh ganti sipat, nyarungsuman. Naha geus
1) nang: pondokna tina beunang. (Jatiwangi).
2) maprasan: mapasan (Jatiwangi).
3) maenya: pondokna tina moal enya (Jatiwangi).