Kaca:Hujan Munggaran - Genep Carita Pondok 1957.pdf/53

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

tereh kiamat kitu? Ceuk hate. Upama teu hareupeun bapa mah meureun geus ngabarakatak, bakat ku kagugu ngadenge eta omongan. Ngan untungna weh kuring masih bisa nahan piseurieun anu geus nyelek kana sungut, tepi ka henteu budal kaluar kawas nu baralik lalajo pilem India, pagelek-gelek.

— Moal kersaeun pa, omong kuring.

— Enya ari kana moal kersaeunana mah Tapi eta teh pamenta ema, lain niat bapa sorangan.

Tembong deui bae kalemahan bapa teh: teu bisa mungpang kana parentah pamajikan. Meureun mun si Lengser tea mah basana ge: 'Pun, pangulu tandang! Sumuhun darma panyaur tarima ti pangandika; tuang kuring teu lamba nya ngadeuheusan, rek amit mundur'. Tuluy soson-soson ngalampahkeun parentah tea, 'Cunduk dipiutus, datang dipiwarang, ngemban pangandika ti nagara'. Sanggeus digawe, lain ngalungsar ngeureunan palay kawas si Lengser, tapi nyaluuh jeung utah-getih.

— Henteu direngsekeun, pa? Teu ningal-ningal nu didamel tos lima dinten teh.

Bapa ngarahuh. Semu bareurat pisan rek nyarita teh, kuring teu malikan deui omongan, da cukup ku sakali oge. Jeungna deui, bisi disebut teu adab henteu nyaho tatakrama, nanya kolot disaruakeun jeung ka sakitan. Ongkoh da angkeuhin teh bapa tangtu ngajawab.

Sarta enya bae sapanyangka henteu nyalahan, kawas pisan kuring teh anu weruh sadurung winarah, boga aji panarawangan kawas Gatotkaca bae. Bapa ngajawab, najan semu nu sungkan oge:

— Kakurangan modal.

— Tos genep sasih eta teh, mun teu lepat mah, ti barang ngadamel lelemahna.

— Enya, tapi modalna beakeun. Nu matak dientet-entet teh sabab modalna lantis manten, kudu nungguan heula gajihan. Geus dikira-kira bulan kamari teh modalna bakal cukup. Tapi nya eta, ku aya-aya bae.

— Aya naon pa? kuring nanya bari semu heran pedah modal oge kawasna mah milu satia-kawan jeung cai di Jakarta,

1) nguntap: ngunghak (Jatiwangi).

51