Kaca:Hujan Munggaran - Genep Carita Pondok 1957.pdf/54

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

. Kuring can nyaho naon sababna, naon nu ku bapa disebut aya-aya bae teh, da kuring mah ayana di lembur teh ari kabeneran keur pere bae, kitu oge arang-langka cicing di imah sorangan.

— Ema aya pamenta, mangka keur kakandungan pisan. Mun teu keur kakandungan mah moal waka ditedunan ku bapa teh. Tapi lantaran kakandungan, nya kapaksa bapa teh kokotetengan ka ditu ka dieu, menta tulung.

— Naon kitu pamundut ema teh?

Sabot nanya kitu teh pikir mah mani geus asa jadi awewe bae. Hayang ngalaman jadi awewe, sangkan ngalaman reuneuh, sarta ari geus reuneuh gampang ditedunana mun aya pamenta teh. Da kapan cenah pamenta nu reuneuh mah teu beunang dipungpang, bisi ngelay orokna. Tapi hayangna jadi awewe teh kuring mah ngan ari inget kana keur kakandungan bae, inget yen sagala kahayang mustahil kana henteu tinekanan. Ari geus inget kana ngalahirkeun atawa kudu nyanghareupan bae hawu unggal poe mah, bararaid teh teuing.

Bapa siga nu asa-asa deui bae rek nyarita teh. Semu nu cangcaya, kuring hamo percaya. Bareurat pisan ngengabna biwir teh. Kuring ngan ngadago bae, teu malikan deui nanya da bisi disebut nguntap¹) ku jelema. Ongkoh da kuring geus wanoh kana sipat nu jadi bapa, yen bapa teh tangtu bakal ngajawab pananya kuring.

Semu nu sarungkan jeung teu percaya dibarung ku asa-asa bapa ngajawab eta pananya, mani meh henteu kadenge:

— Piknik ka Jakarta, ...................

Jakarta, 12 Desember 1957.
 




1) ngunghak (Jatiwangi)

52