Kaca:Hujan Munggaran - Genep Carita Pondok 1957.pdf/55

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

CENGCELENGAN


KALAWAN ATI-ATI pisan kuring asup ka kamar lanceuk. Luhureun kastok di panto aya cengcelengan, nu rada meueusan gedena. Leungeun katuhu nyekel peso, ari nu kenca lalaunan mukakeun panto. Kuring rek nyokelan receh tina eta cengcelengan, jang meuli lalawuh sangu.

Lanceuk jeung pamajikanana arindit ka lembur. Di lembur, alo kuring (jadi anak lanceuk — gering payah. Karek kamari telegramna katarima. Sarta kumaha susahna nu jadi kolot lamun ngadenge yen anakna meunang tunggara, gering jeung sajabana, kawasna unggal jalma nu geus ngalaman jadi kolot mah teu bireuk deui. Nya kitu deui lanceuk kuring. Leos ka ditu, leos deui ka dieu, manggihan babaturan nu sakira bakal bisa dipuntangan jang ongkos.

Tadina mah lanceuk rek ka lemburna teh isukan. Geus asak dibadamikeun ieu teh, malah sakalian geus badami yen hadena mah pamajikan lanceuk teh pikeun sawatara waktu mah matuh di lembur. Sarta ieu teh geus disatujuan ku sarerea. Ngan ku lantaran pisan aya telegram, jadi sakabeh rancangan teh kaweur. Tadi isuk, kana kareta anu pangisukna, maranehna arindit. Ngarah rada isuk keneh geus tepi ka lembur.

Lanceuk ninggalan duit keur kuring, cukup ari keur meuli

53