Kaca:Hujan Munggaran - Genep Carita Pondok 1957.pdf/56

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

deungeun sangu tepi ka lanceuk datang deui mah. Tapi ku sabab kuring can bayaran sakola, tadi isuk keneh oge eta duit teh geus dipake nombokan bayaran. Saenyana mah kuring geus boga cadangan keur mayar sakola teh. Tapi eta duit teh kapake jajan. Jadi duit nu ti lanceuk jang bekel sabot ditinggalkeun teh ku kuring dipake bayaran. Malah eta oge masih aya keneh kakuranganana.

Sarta ayeuna, balik ti sakola, beuteung geus karasa kukurubukan menta eusi. Sasarina mah jam sakieu teh kuring geus kari am bae dahar. Keur aya keneh lanceuk mah. Tapi ayeuna mah geus beda deui kaayaanana. Lanceuk tadi isuk indit ka lembur, sarta duit nu disesakeun jang bekel geus kapake. Sedeng beuteung embungeun kosong, dan kuring masih hayang keneh panjang umur. Ulah bon ayeuna lain wayahna, najan dina mangsana puasa oge arang langka kuring ngalakukeun.

Jadi kuring maksakeun maneh rek nyokelan duit tina cengcelengan tea, jang ngaganjel-ganjel beuteung lamun hasil nya usaha. Kuring ngalampahkeun kieu teh lain ngan karek ayeuna bae, tapi geus sering. Jadi kuring teh bisa oge disebutkeun yen dina ieu lapangan mah geus boga pangalaman. Nya kitu tea bae, ari kuring kabeneran keur teu boga duit sok nyokelan cengcelengan teh. Sasarina sok meunang aya kana saringgitna.

Biasana kuring maling tina cengcelengan teh ari kabeneran batur keur suwung. Aya ceuceu keur indit ka dulurna, aya keur lanceuk indit-inditan. Tapi tara ari keur aya jalma mah, bisi kaperegok.

Mimitina nyokelan teh lamun kabeneran aya kareta-api ngaliwat. Ku sabab kareta teh ngaliwat ka gigireun imah pisan, atuh parayakna¹) receh dina cengcelengan teh moal kadenge ku sasaha, da kasilep ku gurudugna sora kareta. Sedeng lamun keur taya kareta ngaliwat mah tangtu aya batur nu ngadengeeun kudu ditonggeretkeun heula, nu copongna sina clok ti handap. Di mana geus jungkir, kakarek praktek, bari nangkarak dina kasur. Rada hese oge nyokelanana teh, bubuhan liangna teu pati gede, ngan sed


¹) parayak: sora barang-barang laleutik ninggang nu ipis-ipis, upamana karikil ninggang kenteng.

54