Kaca:Hujan Munggaran - Genep Carita Pondok 1957.pdf/57

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

saeutik tina talen. Lian ti eta oge, lantaran teu ngarasa lugina, bisi kaburu lanceuk atawa ceuceu datang, ari ngadenge anu pakeretek teh mani sirikna teu tibuburanjat bae. Tuluy bae eta cengcelengan teh buru-buru dibalikkeun deui. Parayak, sorana. Tuluy kuring kaluar, bari mengkek ambekan. Dada dagdigdug, teu beda ti kendang gede pakauman bae meureun. Luak-lieuk ka tukang ka gigir, melong ka lebah panto-luar bisi enya aya jalma. Ari geus sidik taya sasaha, kakara balik deui, nuluykeun hanca. Ngadenge deui nu pakeretek, parayak deui duit dina cengcelengan teh lalumpatan sabab dibalikkeun. Tuluy kaluar deui, culang-cileung deui. Lamun geus karasa aman, karek asup deui. Kitu jeung kitu bae polah teh, satungtung eukeur praktek mah.

Bener teu lugina hate teh ari keur nyieun dosa mah. Eta da mani dagdigdug kitu, bisi kanyahoan manten.

Ayeuna oge najan kuring geus yakin pisan yen puguh taya sasaha di imah teh iwal kuring pribadi, hate tetep bae teu ngarasa tengtrem. Asa aya bae anu ngukuntit, nganaha-naha. Ari senang tea mah puguh, da boga angkeuhan bisa lalu asa praktek teh ayeuna mah. Henteu kawas sasari, meusmeus lieuk-meusmeus lieuk, da bisi aya anu nangenan.

Kalawan ati-ati pisan kuring asup ka jero. Tadi isuk eta cengcelengan masih aya keneh na tempatna. Tur ti isuk keneh oge kuring geus boga rarancang rek nyokelan eta cengcelengan, da puguh teu boga duit jang meuli lalawuh sangu. Kuring geus ngawangwang, yen najan duit pamere lanceuk geus beak dipake nombokan bayaran sakola oge, hamo paeh langlayeu seun, sabab geus aya erongan. Engke mah murak cengcelengan, ceuk kuring dina hate, itung-itung ngabangbrangkeun pikir dumeh ngarasa sangsara pisan hirup teu boga duit barang saduit.

- Padu sapoe saringgit bae ge sedeng, ceuk kuring na hate. Lanceuk kuring mulangna ka lembur paling lila satengah bulan. Jadi meureun jero sakitu poe teh kuring bakal ngorowotan eta cengcelengan lim alas ringgit.

- Lumayan, ceuk hate. Ah, dosa mah kuma engke, nu penting jang ayeuna mah kudu boga duit jang meuli deungeun sangu, ambeh henteu paeh langlayeuseun.

55