Kaca:Hujan Munggaran - Genep Carita Pondok 1957.pdf/58

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Bari ngucap bismilah kuring mukakeun panto.

Barang kuring geus aya di kamar, kuring malik ka lebah eta cengcelengan. Bisi dibawa ka lembur ingetan teh. Kacida atohna barang kuring nenjo yen eta cengcelengan pamuntangan umur kuring ayeuna masih-keneh angger naglang ¹) dina tempatna. Masih aya luhureun kastok dina balik panto tea.

Mani hayang igel-igelan harita kuring, bakat ku atoh. Ngan sanggeus dipikir-pikir teh nanaonan kudu make igel-igelan kedik ²), geus gede. Lain teu hayang bisa ngigel, tapi karasa taya gunana. Ari kana bisa ngarengkenek ibing ponggawa mah kacida pisan nyongsrongna hate teh. Komo ari geus inget ka manehna mah. Manehna bisaeun ngibing. Kuring kacida katajina ari manehna geus ngibing Leyepan teh. Tapi ku sabab igel-igelan lantaran eta cengcelengan masih aya keneh mah teu karasa aya gunana, atuh kuring teu ngalampahkeun.

Bari ngalieuk heula ka lebah panto, bisi aya jalma asup, kuring ngojengkang ka lebah eta cengcelengan. Cengcelengan nu geus dierong ti anggalna keneh, lantaran nya di dinya umur kuring gumantung pikeun sapoe ieu, jeung poe-poe nu bakal kasorang, sabot lanceuk marulang ka lembur. Hate geus pinuh ku mangrupa-rupa rancangan. .

— Ngarah irit ayeuna mah aing rek meuli uleg bae ti ma Jangkung, na pikir. Engke sore, mun hayang rada royal, meuli emi ti abang Jawa nu sok ngaliwat unggal sore.

Kitu ajaman teh. Sarta kacida pisan bungahna ati, reh kabeneran taya jalma saurang-urang acan di imah teh, iwal ti kuring.

— Laluasa yeuh, kuring ngomong sorangan.

Panto ditutupkeun heula memeh ngarawel eta cengcelengan teh. Ngarah leuwih rineh, da meureun batur bakal nyangka yen kuring can balik sakola.

Kuring tetembangan, lalaunan bae tapi, da ari tarik-tarik teuing mah bisi kadengeeun ku batur. Heug engke aya batur asup, manggihan kuring keur nyekelan cengcelengan, tada teuing erana.

Ah, hamo paeh langlayeuseun yeuh, na hate teh.

¹) nanglang: ngagoler/merenah di hiji tempat nu sakira bakal babari katenjo.

²) kedik (atawa kedine): sagala (Jatiwangi).

56