Kaca:Hujan Munggaran - Genep Carita Pondok 1957.pdf/59

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Hate dagdigdug, rumasa yen saenyana mah ieu teh dosa. Najan kuring ngarasa sungkan kacida migawe hiji dosa, tapi ari kaayaan maksa mah sok milampah. Dina ati kuring geus sababaraha kali jangji, yen hamo wani-wani deui nyokot duit batur. Najan eta teh duit bapa, duit lanceuk atawa duit dulur-dulur lianna, kuring hamo wani. Da ari lain kuring sorangan mah hartina. batur. Kuring sungkan, lantaran bareto geus kungsi dicarekan beak-beresih ku bapa pedah kuring nyokot duit tina lomari. Tapi demi beuteung kosong anu teu weleh kukurubukan, kuring masih hayang keneh hirup leuwih lila. Tur hiji-hijina jalan anu nyanding ayeuna ngan nyokel cengcelengan tea bae.

Tapi kuring tacan top keneh bae nyokot eta cengcelengan. Kuring ngadedengekeun heula, bisi aya keretek sora, engke kuring tibu buranjat deui kawas bareto. Panto tetela nutup, da karek ditutupkeun pisan. Ari jandela masih nutup, da puguh ti isuk can aya anu mukakeun. Sakuriling bungking taya nanaon nu matak salempang. Lugina pisan harita teh.

Kuring tanggah, melong, ka lebah eta cengcelengan. Eta cengcelengan teh masih aya keneh dina tempatna, taya obahna saeutik-eutik acan.

Ah, nyatu jeung uleg ma Jangkung yeuh, ceuk kuring na hate. Bari ngomong kitu teh ceg leungeun kuring anu katuhu nyekel eta cengcelengan. Ari leungeun anu kenca ngeukeuweuk peso, dipindahkeun ti nu katuhu. Leungeun anu katuhu masih keneh napel kana eta cengcelengan, tacan dijungjungkeun. Kuring ngadedengekeun deui, bisi aya pikaselempangeun. Tapi da puguh taya nanaon ti tadi oge, tetep be jempe.

Bari ngucap deui bismilah kuring ngangkat eta cengcelengan.Hate kebek ku mangrupa-rupa rancangan. Ku ajaman yen kuring hamo paeh langlayeuseun, ku erongan yen bakal senang unggal poe ngorobetan eta cengcelengan tanpa aya nu nangenan. Kacida pisan bungahna, mo beda jeung kabungah maranehna nu meunang hadiah lantaran meneran neguh totalisator maenbal antara Persija jeung Waker kamari ieu. Ngan bedana teh ari maranehná mah kudu ngaluarkeun duit lima perak jang meuli kartu totalisatorna, ari kuring mah henteu ngamodal barang sapeser. Minangka modalna

57