Kaca:Hujan Munggaran - Genep Carita Pondok 1957.pdf/60

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

teh eta bae beuteung lapar, peso, pangalaman katut pangharepan yen kuring hamo paeh langlayeuseun.

Kalawan bungah pisan kuring ngangkat eta cengcelengan. Hate pinuh ku mangrupa-rupa rancangan.

Tapi kacida pisan kuring ngarasa handeueulna, waktu eta cengcelengan geus kajungjungkeun, rek dibawa kana kasur. Cengcelengan anu dina angkeuhan bakal beurat ku sabab rea eusina, na barang dijungjungkeun kalawan ati anu kacida pisan gum birana teh, tetela ngoleang. Hampang pisan. Nya kitu deui parayakna receh nu biasa- na kadenge unggal ngangkat eta cengcelengan, harita mah teu hawar-hawar acan.

Pangharepan jeung sagala erongan nu cikeneh ngagunduk na dada katut hate, saharita keneh balubar katawuran, lalumpatan bari teu weleh nyeungseurikeun. Kabeh lalumpatan nyeungseurikeun kuring, nu ngan bati handeueul bae nyekel eta cengcelengan.

Kuring kapodosan. Eta cengcelengan geus dipurak manten ku lanceuk kuring, jang nambahan bekel ka lembur.

Itung-itung nyacapkeun kaheneg ati, kuring nenjoan eta cengcelengan dibulak-balik. Dina hulu eta cengcelengan aya plester ngajepat, tur barang eta plester ku kuring dibuka, aya sesem|plakanana anu kabawa.

Jero eta cengcelengan kuring ngan manggihan bubuk taneuh nu muruluk basa eta cengcelengan dipurak bae.

Jakarta, 19 Desember 1957
 
58