Kaca:Hujan Munggaran - Genep Carita Pondok 1957.pdf/61

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

WARTAWAN

DI LINGKUNGAN
 

BARUDAK ngora di lembur kuring, jalma nu pangkasohorna ahir-ahir ieu teh ngaranna Iman. Manehna ngabogaan pagawean rangkep. Lian ti pagaweanana nu baku sabagi guru, manehna teh wartawan. Ari perkara pagaweanana sabagi guru mah geus taya nu mikaaneh deui, da guru teh kacida reana di daerah kuring mah nepi ka urang lembur-lembur anu salingkur oge nyarahoeun. Tapi ari wartawan mah masih keneh mangrupa barang anyar, tur karek manehna saurang bae deuih nu jadi wartawan teh. Ku kituna, atuh munasabah pisan lamun manehna ngarasa kacida agulna ku kawartawanana teh. Kumaha henteu rek agul geura, kapan nya manehnana pisan jalma nu munggaran ngawanohkeun naon-naon ti lembur kuring ka jalma ti tempat sejen teh. Eukeur mah eukeur, nga saurang-urangna atuh teu meunang tanding.

Saenyana mah lian ti manehna aya deui saurang nu jadi wartawan di lembur kuring teh. Tapi ieu jalma teu aktip dina lapangan kawartawanan, lantaran ripuheun teuing ku pagaweanana nu baku sabagi baru, ngurus rumah-tangga jeung parteyna. Warta-warta nu dikirimkeunana oge ngan nu sakira aya patula-patalina jeung parteyna bae, nya kitu deui surat-kabar nu dikirimanana warta ngan surat-kabar nu mangwartakeun sora parteyna. Jadi, manehna tangtu bae moal sabaraha kasohorna.

Beda kaayaanana jeung wartawan Iman mah. Manehna mah pisan ripuhna ku pagaweanana sabagi wartawan teh, nepi

59