Kaca:Hujan Munggaran - Genep Carita Pondok 1957.pdf/62

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

ka sering mangkring ¹) ti sakola, ninggalkeun pagaweanana. Eta ku seukeut pisan ceulina teh, bet ku nyahoeun pisan kana kajadian-kajadian nu sakira bisa narik hate. Unggal kajadian nu gelarna ti lembur kuring mah, nu kira-kirana bakal bisa narik hate, tangtu ku manehna dikirimkeun ka kantor-warta jeung surat-kabar nu mere kartu wartawanan ka manehna.

Tapi saenyana mah perkara kawartawananana oge mo pati é narik hate, mun manehna teu nyieun talajak nu beda ti batur, lamun manehna tumindak ngan sabagi wartawan, henteu leuwih ti dinya. Tah, nya ku sabab sawatara hal nu rada mengpar tina gurat nu sasari tea pisan deuil nu ngalantarankeun manehna kasohor oge. Lamun manehna ngadenge, yen ngaranna geus kacida pisan kasohorna, irungna moai teu rebeh, mo beda ti ban sepeda nu rea teuing anginan.

Sakali mangsa manehna kungsi ngadadarkeun lara-sukana sabagi wartawan. Ieu hal teh karek didadarkeun ku manehna, sanggeus aya jalma lian milu keurseus-wartawan. Meureun pedah kalungguhanana mimiti karasa teu panceg deui, da aya nu rek nandingan. Harita teh peuting, aya meureun jam sawelas mah. Kawas sasari, wanci kitu teh manehna karek balik lalajo gambar hidup.

— Memang enya, ari keur milu keurseusna mah babari, omongna. Nu hese teh lebah ngalaksanakeunana, di mana urang bakal manggihan sawatara kasulitan. Rea hal-hal nu ngaganggu saenyana mah, mun urang jadi wartawan teh. Komo deui urang dieumah, da karereanana can barisa ngajenan ka wartawan teh. Ku kituna mah pantes, da ulah bon ngajenan, teu nyaraho-nyahoeun acan naon ari wartawan teh.

Tah kitu di antarana biantara wartawan Iman peuting eta, nu masih keneh nyantel dina ingetan mah. Lian ti eta ku manehna teh didadarkeun oge sagala hal nu kasanghareupan, enggoning ngajalankeun kawajibanana. Rea pisan nu dicaritakeunana teh, sakabeh hal nu sakira bakal bisa narik hate nu ngadarengekeun. Kuring saenyana mah teu ngarasa katarik ku hal-hal nu dicaritaekeunana teh, ngan pikeun ngajaga sangkan manehna teu ngarasa

¹) mangkring: mangkir, bolos (Jatiwangi).

60