Kaca:Hujan Munggaran - Genep Carita Pondok 1957.pdf/63

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

dianggap angin, kuring milu ngadengekeun. Ngan dina hate kuring seuri, lantaran keur kuring mah eta hal teh geus teu aneh deui. Sanajan kuring lain wartawan oge, tapi saeutik-eutikeun mah nyaho kana cabak wartawan teh. Atuh ku ngadengena deui hal-hal nu geus bari teh, tangtu bae kuring kagugu, tuluy seuri, tapi dina hate bae.

Sasarina mah lamun kuring sabatur-batur keur dariuk di jalan kareta-api ngadago dulag — tangtu bae itu teh ari bulan puasa —, manehna ngaliwat ka hareupeun. Hiji peuting kira-kira jam sewelas tas bubar bioskop. Ti kajauhan keneh geus katara da aya sawatara tanda nu ngan dipibanda ku manehna bae. Lamun indit-inditan peuting teh manehna mah tara tinggal ti topi-laken, kawas pulisi-rasiah Amerika bae. Manehna tumpak sepeda, sarta ku lantaran Iman teh warugana jangkung, atuh kapaksa sadel sepedana teh diconghatkeun ka luhur, nurutan para krosboy. Tapi sanajan enya nu ku manehna ditumpakan teh sepeda krosboy tangtu manehna bakal ambek lamun urang pangangguran nyebutkeun manehna krosboy teh.

Dewek mah wartawan deuleu, omongna.

Ngadenge pamungkirna teh, kuring sarerea ngan ukur bisa seuri. Manehna oge tuluy bae neruskeun deui lalampahanana, balik ka imahna wetaneun Cikeruh.

Mimitina mah sugan teh enya manehna neangan warta anu penting kapanggih ngetankeun teh. Tapi tungtungna mah katungtik yen pagaweanana teh lain neangan warta nu lulugu mah. Manehna teh balik lalajo bioskop nu ngan aya dua-duana di lembur kuring. Tah, nya ti bioskop ieu pisan deuih ngaranna mimiti kasohor teh, kasohor di lingkungan barudak ngora, lantaran manehna mangrupa hiji jalma nu istimewa sapanjang sajarah eta bioskop mah.

Ari kaistimewaanana nya eta manehna tara daek meuli karcis mun hayang lalajo teh. Nya ieu hal pisan nu ngalantarankeun ngaranna jadi kasohor teh. Lamun seug nu ngajaga teh nanya ka manehna:

― Mana karcis pa?

Kalawan gampang pisan manehna bakal ngajawab:

61