Kaca:Hujan Munggaran - Genep Carita Pondok 1957.pdf/64

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

— Kuring moal meser karcis.

Tangtu bae nu jaga teh bakal ngarasa heran ngadenge jawaban kitu mah. Boa-boa mah Iman teh ku manehna dianggap jalma satengah buah leunca, sakitu gagahna, make jas, tapina sangeuk meuli karcis. Padahal harga karcis di dinya teh ngan sarupia. Ngan ku duit sarupia, urang bakal bisa asup, tur urang bisa lalajo sakeyengna bae. Lamun cenah urang can ngarasa seubeuh ku pintonan anu kahiji, urang bisa neruskeun tepi ka pintonan anu kadua lekasan, kalawan henteu kudu meuli deui karcis.

Tapi nya hal ieu pisan nu mangrupa kaistimewaan Iman ti wartawan-wartawan nu sejen, nu geus kungsi papanggih jeung kuring. Lantaran karek manehna bae saurang wartawan teh di lembur kuring mah, manehna ngarasa yen kacida pisan mulyana kalungguhan wartawan teh. Tepi ka lalajo ge embung mayar, hayang barang ciatah.

Lamun nu jaga nuluykeun deui nanya:

— Naon margina?

— Kuring wartawan, jawabna pondok pisan bari maksa asup kajero.

Atuh tangtu bae tukang jaga nu teu nyahoeun saha ari wartawan teh, ngan ukur molohok nenjo Iman asup. Manehna ngan bakal gogodeg bae, bari ngagerendeng:

— Untung ngan saurang nu kitu teh. Lamun seug kabeh nu lalajo wartawan mah, weueu, tangtu kukulun ¹) ieu bioskop teh!

Ku lantaran unggal nu jaga nanya kitu jeung kitu bae jawabna, atuh tungtuna mah manehna teh ngarasa boseneun. Antukna mah Iman teh tara ditanya-tanya acan, disakarepkeun bae, da ditanya oge puguh taya gunana. Jadi Iman teh ayeuna mah bisa laluasa pisan larsup ka eta bioskop duanana oge.

Nya ti kajadian-kajadian nu ngaruntuy eta pisan ngaran Iman mimiti kasohor teh, kasohor di lingkungan barudak ngora di lembur kuring. Tapi nu lianna mah taya nu nuturkeun Iman jadi wartawan, lantaran rasa ajen-diri maranehna henteu ngidinan amun kudu nepi ka ngalampahkeun hal-hal kawas nu dilampahkeun ku Iman teh. Komo, da karereanana mah maranehna teh guru,

¹) kukulun: gugulung (Jatiwangi).

62