Kaca:Hujan Munggaran - Genep Carita Pondok 1957.pdf/65

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

sarua bae jeung Iman. Tah, nya ieu bedana antara guru-biasa jeung Iman, si guru-wartawan teh.

Tuluy ngaranna beuki lila beuki nyambuang bae, seungit leleb ngadalingding, kasohor jadi sabiwir-hiji. Lamun kabeneran kuring sabatur-batur nenjo Iman ngaliwat tumpak sepeda, mata teh pating pureleng bae, nuturkeun. Sanggeus padeukeut, tuluy sarerea ngucap:

— Wengi, ......

— Wengi, walonna bari ngaboseh. Ulah bon eureun teu ngalieuk-lieuk acan manehna nyebut ’’wengi’’ teh, da rasa kawartawananana gede kacida. Pangrasana mah wartawan teh raja bae meureun, hiji jalma nu nyaho kana sagala hal nu matak poekeun keur jalma biasa mah.

Sanggeus manehna rada anggang, tuluy sarerea sareuri babarakatakan.

Eta kaistimewaan Iman anu kahiji, embung bayar mun lalajo bioskop. Teuing neangan naon di bioskop mah, kuring teu pati sidik. Ngan nu pasti mah tangtu lain neangan warta, da bioskop mah lain sumber-warta. Bioskop teh kapan tempat-hiburan, atuh etu bae nu kajadian di bioskop mah ngan sabudeur pilem katut sugang-segingna bae.

Tapi sigana mah panyakit embung bayarna teh geus lengket,sasat geus jadi kulit jadi daging. Nepikeun ka tumpak beus oge manehna embung mayar. Dina beus oge sarua bae-talajakna teh, lamun kondektur nanyakeun karcis ka manehna:

— Karcis ....

Jawabna oge tangtu sarua kawas ari ngajawab ka nu jaga lawang bioskop:

— Kuring moal meser karcis, cenah.

Atuh kabeh mata nu tumpak teh melong ka manehna ka hiji i ao noman nu dijas tur make topi laken kawas detektip Amerika, gagah kacida, tapi bet sangeuk mayar. Na hate maranehna tangtu timbul patarosan:

— Gelo kitu?

Memeh maranehna bisa ngajawab katerangan geus buru datang manten, da kondektur teh tuluy nanya deui.

63