Kaca:Hujan Munggaran - Genep Carita Pondok 1957.pdf/66

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

— Naon margina?

— Kuring wartawan, jawabna sakeyengna jeung sangeunahna bae.

Manehna ngajawab kitu teh bari nepak dada, tuluy nyokot kartu-wartawanna, ditembongkeun. Kalawan paroman haseum, kondektur teh unggut-unggutan, sedeng nu tarumpak ngan ukur arimut bae ngadenge katerangan kitu teh.

Tapi dina beus jeung tutumpakan nu lianna mah Iman sering ditanya kituna teh, lantaran puguh beus mah henteu ngan dua kawas bioskop. Eukeur mah Iman arang langka meunangkeun deui beus nu tadi ditumpakan. Atuh tangtu bae beuki rea jalma nu ngarasa heran nenjo lampah Iman kitu teh, Imannamah guru wartawan nu istimewa tea, teu malire. Nu tetela mah manehna teh kacida pisan agulna, lantaran jadi puseur-implengan jalma-jalma sabeus. Irungna rebeh deui, melendung lir ban rea teuing anginan. Ngaranna beuki nyambuang, beuki kasohor di lingkungan barudak ngora, jadi bahan gogonjakan.

Tapi teu burung aya jalma nu wani ngalawan ka manehna. Atuh ngaranna beuki nyambuang bae, jadi bahan piseurieun Jalma nu ngalawanna teh agen surat kabar nu sok dikiriman warta ku manehna. Lamun dibandingkeun jeung Iman mah, waruga si agen teh jauh pisan bedana. Warugana nya leutik nya kuru, kawas cacing langlayeuseun sedeng Iman mah sabalikna pisan, dedeg. Tapi bet na dampal leungeun si agen nu begang wartawan Iman teu bisa walakaya, serah bongkokan ditampiling mani ngaguling Ulah bon ngalawan, geus meh teu bisa hudang-hudang acan dikitukeun ku si begang teh.

Harita teh si begang keur aya di kantorna, nya eta kantor inspeksi sakola rayat, da manehna teh pagawe eta kantor. Keur manehna jongjon-jongjon nyanghareupan kawajibanana, na ari torojol teh Iman datang torojogan pisan. Beungeutna beureum, geuneuk, panonna nu puguh geus nonjol ka luar teh beuki nonjol bae. Kaciri pisan keur ambekna teh, nepikeun ka panonna mani kawas rek mecleng bae, mo sabaraha bedana jeung bal nu ditapuk ¹) ku Witarsa. Ambek pisan pedah ngarasa diulinkeun ku

¹) ditapuk: disepak (Jatiwangi)

64