Kaca:Hujan Munggaran - Genep Carita Pondok 1957.pdf/67

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

si leutik begang agen surat kabar tea. Atuh sadatang-datang teh ngan haok bae manehna ngagorowok:

— Kumaha benerna mamang digawe teh, omongna bari nulak cangkeng, nurutan legeg bentang pilem nu tadi peuting tas dilalajoan.

Uu, nya eta ngaran si agen tea, ngan olohok bae nu aya nenjo lalagaman Iman kitu teh. Manehna oge ambek, da asa diciduhan beungeut, tapi ku lantaran can tetela naon perkarana, manehna can aya niat ngalawan. Omongna:

— Aya naon, Man?

— Naonna nu aya naon. Ceuk kuring oge, mamang teu beres digawe teh! manehna nyentak, demi legegna masih angger keneh kawas tadi, nurutan bentang pilem.

— Naonana nu henteu beres? Perkara naon nu teu beres? Jawab Uu.

— Perkara surat kabar. Kapan kuring teh langganan, tapi naha geus lila pisan can ngalaman narima surat kabar? Tah, tetela lain mamang digawe teu beres?

— Ka saha ilaing ngalangganan?

— Togmol ka puseur. Kamari teh datang surat ti ditu, nanyakeun ka pawakil cenah. Jadi meureun ka mamang ari kitu mah.

— Euh, perkara eta? Atuh kabeneran ari kitu mah, mamang oge kamari teh narima surat deuih. Eusina nanyakeun, naha enya silaing langgan ka cabang. Sabab cenah — ceuk puseur — aya surat ti silaing, ngaku langganan di cabang. Tapi iraha silang ngadaptarkeun jadi langganan? Tanggal sabaraha, jeung ka saha deuih?

Si regeng teh geus kacida pisan ambekna ayeuna mah, lantaran sarasa diunghak teu pupuguh. Peureupna mani geus buleud-buleud bae, nahan amarah.

— Kuring ngalanggan ka puseur, walon Iman teu eleh sumanget. Duitna ku kuring dikirimkeun ka ditu, tapi surat-kabarna cenah kudu di cabang.

— Enya sugan, tapi mamang can kungsi meunang surat parentah ti puseur. Jeungna oge, ti iraha silaing rido ngaluarkeun duit jang ngalangganan surat kabar? Ulah bon ngalangganan surat kabar u meakkeun salawe perak satengah, ka bioskop nu ngan saperak