Kaca:Hujan Munggaran - Genep Carita Pondok 1957.pdf/68

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

ge silaing teh embung mayar. Abongkena jadi wartawan!

Tuluy kalawan kacepetan nu hese disiar tandingna, peureup nu geus buleud ti tatadi teh nyayang kana careham Iman. Lantaran Iman teu nyangka pisan bakal meunang serangan nu sakitu hebatna, manehna teu kaburu ngagiwarkeun atawa nyingcet, atuh tangtu bae carehamna kabeunangan. Kalawan sora ”hhhhk”, Iman ngadayagdag tuluy ngajedag nangkarak bengkang.

Para pagawe nu lian saurang ge taya nu niat nulungan, da puguh sarua pada teu ngarasa katarik ku Iman teh. Diarantep bae Iman ngajejengkang teh.

— Lamun silaing kumawani nyieun peta kieu sakali-kali deui, ngerakeun, ngahina, najan dimana bae oge, ulah sambat kaniaya. Diperekpek silaing, modarnya los, omong Uu bari nunjuk beungeut Iman.

Ngadenge ancaman kitu teh Iman bet lain ngalawan, tapi bari hudang sasampoyongan nahan kanyeri dina carehamna, manehna ngusapan beungeut. Karasa yen aya getih nyakclak, tapi henteu ari nepi ka ngalawan mah. Peureup Uu nu begang teh karasa pisan ampegna, nepi ka leungit bae kabeh ambekna teh.

Tuluy kalawan tanpa pamitan deui, manehna kaluar ti eta rohangan, balik ka imahna wetaneun Cikeruh tea. Saminggu lilana manehna teu bisa ngajar, nya kitu deui neangan warta di bioskop nepi ka jam sawelas peuting, atawa dina beus kalawan dipencrong ku unggal mata anu tarumpak, pelongan anu ngandung kaheran.

Tapi ngaranna tetela beuki seungit bae nyambuang di lingkungan barudak ngora mah. Komo sanggeus digenjor¹) mah, ngaranna oge geus teu bisa pukah deui jeung gelarna: wartawan kembu.

Lila pisan kuring sarerea ngadago-dago, sugan warta perkara digenjorna wartawan teh rek diasupkeun kana surat kabar, tapi ambleng bae. Karek di dieu mah rasa ajen dirina ngalarang manehna migawe nu kitu.

Tapi ari sipatna embung mayar lamun lalajo atawa tumpak beus mah tetep bae henteu leungit, dipertahankeun kalawan legeg jeung kaagulan:

— Dewek mah wartawan deuleu,......

¹) digenjor = ditonjok (Jatiwangi)

66