Kaca:Hujan Munggaran - Genep Carita Pondok 1957.pdf/69

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Eta teh ukur sacomot bae carita perkara Iman, budak ngora nu gagah, salawasna ari ti peuting make jas jeung topi laken, nu pagaweanana wartawan jeung guru. Kabeh kajadian nu sakira bakal narik ati di lembur kuring, ku manehna kanyahoan, nu ku urang bakal bisa kabaca dina surat kabar nu ku manehna dikiriman eta warta.

Tapi ari warta perkara digenjorna wartawan ku agen surat kabar mah, nya kitu deui perkara wartawan nu tara daek mayar lamun lalajo bioskop atawa tumpak beus, jadi nu ngeunaan dirina sorangan, taya nu dikirimkeun ka kantor warta atawa surat kabar nu mere kartu wartawanan ka manehna, nepi ka tangtu bae jalma luar daerah kuring mah moal aya nu nyaho.

Wartawan Iman memang kacida pisan pinterna neangan jeung milih warta.

Jakarta, 1957

67