Kaca:Mangle, nja eta roepa-roepa tjarita reudjeung tjonto.pdf/12

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
6

III. MARAK.

Keur waktoe katiga bangět oerang Dago badami djeung batoerna, pokna: „Hajoe batoer-batoer, isoek oerang mararak Tjikapoendoeng palěbah lemboer Bengkok, sabab tjai keur orot.”

Ari isoekna bral arindit: kolot, boedak, awewe, lalaki, datangka lěmboerna rek meh kosong; aja noe manggoel patjoel, aja noe ngadjingdjing linggis, aja noe njoren korang, aja noe ngelek boboko djeung noe mawa ajakan, lambit, gobag, boeboe, soesoeg; sawareh aja noe mawa timběl atawa tjongtjot piběkěleun. Sanggeus daratang ka noe rek diparak teja, toeloej naranjakeun ka noe djadi kokolotna, ngaranna Bapa Moesnah, pokna: ,,Mana heula anoe rek diparak teh, noe ngotjor kakoelon atawa noe ngotjor ka kidoel?

Ari wangsoelna: „Ijeu heula noe ngotjor ka koelon, sabab didinja loba leuwina, tapi koela pepeling ka sakoer noe aja di dijeu: poma-poma pisan oelah gareuwah, sabab laoekna ijeu leuwi gariras naker."

Geus kitoe gěr pada digarawe ngaběndoeng eta waloengan: aja noe matjoel, aja noe noegar, aja noe ngalelempeng, sawareh anoe ngakoetan, noe něrapkeun djeung noe njěsělan anoe botjor.

Tidinja kabeh pada toeroen sarta singkil, gør tjampoeh ngarala laoek; aja noe njair, noe njoesoeg, noe ngalambit, noe kokodok, noe pasang boeboe; sawareh noe nawoean tjai koe gobag; didengekeunana sora tjai patingkoetjoewěk patingsalewoer.

Djalma-djalma paroho kana papatahna Pa Moesnah; tina bawaning soeka ati nendjo laoek tingsoeroewoek tingkotjepat kawas dina balong baé, kabeh pada soe-