Kaca:Mangle, nja eta roepa-roepa tjarita reudjeung tjonto.pdf/11

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
5

Pa Kejong: „”Geraheun djang, eta doewit ladang goela teh ditoeloejkeun bae ka djoeragan, da įjeu teh lain kawoeng emang sorangan.”

Arpin: „Ari kawoeng ngan woengkoel sok disadap bae, atawa aja deui damělna, mang?”

Pa Kejong: „Atoeh poegoeh aja deui mah. Geura koe ěmang rek diseboetan: indjoekna sok dipake sapoe, tambang, hateup, lělěsan djeung sok dipake boengkoes tihang tjěblok; kawoelna dipake neker, tapi koedoe dipaeh heula. Tjoba oedjang njaho, make naon deui djaba ti kawoel lamoen rek neker ?”

Arpin: „Batoe seuneu djeung ganda-wěsi.”

Pa Kejong: „Enja běněr! Kadjaba ti noe geus diseboet tadi, kawoeng teh aja deui gawena: oepama ditoewar, diala atjina, tangkalna dipake talang djeung barera, haroepatna dipake noelis. Tjoba oedjang, rasa emang lamoen kitoe kawoeng pěrloe katjida dipikanjaäh, sabab mere hasil pirang-pirang ka oerang, tjara noe koe šmang diseboetkeun bijeu.”

Arpin: „Weu, lěrěs pisan sasaoer emang. Mana koering mah, djaga lamoen geus gěde, rek mělak kawoeng djeung rek diadjar njadap tjara ěmang.”

Pa Kejong: „Beu, lamoen oedjang aja manah kitoe, emang ngadowakeun pisan. Tapi koemaha mowal poho deui eta atoeranana njadap teh?”

Arpin: „Lamoen poho deui mah, nja rek nanja deui bae ka emang.”

Pa Kejong: „Tjig atoeh djang geura balik, ĕmang rek njadap geus beurang.”