Kaca:Mangle, nja eta roepa-roepa tjarita reudjeung tjonto.pdf/14

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
8

njeungseurikeun bari ngaromong, pokna: „Abong-abong anoe geus teu mireungeuh, taroempah-taroempah dipadjarkeun laoek gěde.” Tapi lila-lila mah karoenjaeun, toeloej pada mere laoek sasiki sewang.

Barang geus teu aja laoekna, toeloej harandjat sarta běndoenganana dibědahkeun djeung toeloej běběrěsih, sawareh toeloej baralik, ari noe sawareh deui maroerak běběkělanana teja nja eta timběl djeung tjongtjot, sarta mariroen seuneu meuleuman laoek bari dahar. Ari keur baralik sadjalan-djalan pada ngaromong silih-bedjakeun beubeunanganana.


IV. NOE RAJOENGAN.

Tasim anak noe beunghar, sakarěpna ditoeroet, wantoening anak sahidji. Dina hidji powe Tasim nendjo batoerna mamawa panggal awi, toeloej manehna menta doewit ka bapana keur meuli panggal tjara kitoe. Gantjangna dibere, toeloej dibeulikeun. Harita Tasim taja deui gawena rek meh beurang peuting ngan njonjoö panggal bae. Lila-lila boseneun, toeloej gagang panggal teh dipotongkeun; kanjahoän koe oewana, tapi diantěp bae.

Tidinja Tasim manggih noe papanahan, manehna hajangeun pisan boga panah, toeloej ngoerihit deui ka bapana menta dipangmeulikeun. Tina njaāhna ka anak koe hapana dipangmeulikeun. Tapi Si Tasim oenggal boga tjotjoöan anjar tara tjeëh rěsěpna teh, ěnja mimitina mah taja deui gawena ngan ngoeroes eta bae. Ijeu oge kana panah teja ngan watěs