Kaca:Mangle, nja eta roepa-roepa tjarita reudjeung tjonto.pdf/15

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
9

doewa tiloe powe resepeunana teh, toengtoengna mah gondewana dipinggěskeun.

Harita kanjahoan deui koe oewana, toeloej dibedjakeun ka bapana, pokna: „Meugeus, eta boedak teh oelah diberean teuing tjotjoöan, sabab sok gantjang diroeksak djeung rajoengan.”

Barang Bapa Tasim ngadenge omong lantjeukna kitoe, toeloej anakna ditjaloekan, pokna: „Tasim kadijeu!” Boedak teh njampeurkeun. Mana panggal djeung panah teh? bapa ngilikan!” Tasim ngabideug bae, tina geus roemasa boga dosa. Disăntak koe bapana bari ditjarekan: „Ajeuna maneh koe aing mowal dipangmeulikeun kaoelinan/lamoen maneh angger sok ngaroeksak bae mah.”


Boedak teh watěs saboelan mah bageur; bapana karoenjaeun deui, toeloej ditjoba dibere doewit keur meuli pibadjoeeun. Tasim toeloej ka pasar rek meuli ĕntjit. Wantoening di pasar loba entjit warna-warna, manehna nendjo ijeu bogoh, nendjo itoe bogoh. Toeloej Tasim noendjoek kana entjit bari ngomong: Tah ti dijeu motong tiloe elo, ti dinja tiloe elo, tapi ari ti ditoe mah doewa elo baè, sabab eukeur tjalana.”

Barang geus dipotong kabeh, ana diitoeng doewitna, ngan mahi pikeun doewa badjoeëun teja bae, zárt keur deewi tjalana mah teu aja. Tasim ngarendjag bari ngomong ka noe boga barang teh, pokna:

„Kang, oelah djadi běndoe, ijeu pitjalanaeun koe koering mowal toeloes dibeuli, sabab teu aja doewitna, satadina koering teh roesoeh teuing, mawa doewit henteu dibilang heula, oedjoeg-oedjoeg leos dibawa ka dijeu bae.”