Kaca:Mangle, nja eta roepa-roepa tjarita reudjeung tjonto.pdf/16

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
10

Djawab toekang barang: „Tah didinjana djalma koedoe asak rampa teh, oelah rasa maneh boga doewit, ijeu hajang eta hajang, ari karoegian batoer teu dioeroes.”

Tidinja Tasim balik ka imahna bari tjoemalimba, tina sabab kawiwirangan, rek menta deui doewit ka bapana.

Naha taksiran maneh dibere atawa mowal? Tatapi tina bageurna Bapa Tasim, toeloej nitahan hidji djalma nganteurkeun doewit pitjalanačun teja, soepaja oelah djadi roegi ka noe dagang. Ari Si Tasim koe bapana disiksa.


V. ANDJANG-ANDJANGAN.

Asněm! keur naon ilaing Asněm?

Teu, kami mah keur noenggoean imah bae.

Na kamana indoeng ilaing?

Keur noetoe indoeng kami mah.

Anggoer oerang andjang-andjangan di bale imah kami.

Ah, tjoemah di ditoe mah, di dijeu di kami anggoer Minah! bari noeggoean imah.

Heug atoeh di dijeu ge.

Tidinja toeloej Si Minah oenggah ka těpas Si Asněm. Tjek Si Asněm: „Ajeuna oerang bari wawaroengan, kami anoe ngawaroengna, ilaing noe meu- lianana, nja Minah!

„Heug,” tjek Si Minah.

Toeloej Si Asnem ngaberes-bereskeun boekoe awi, ngoempoelkeun boeboek taneuh djeung keusik, nejangan për pikeun laoekna, ngala majang djambe mi-