Kaca:Mangle, nja eta roepa-roepa tjarita reudjeung tjonto.pdf/17

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
11

nangka bejasna, daoen randoe pikeun minjakna, daoen djati pikeun ketjapna, tjangkang djengkol pikeun tjentongna djeung reja-reja deui daganganana, wantoening rek wawaroengan gěde. Tidinja pek dipětakeun saädat bijasa di waroeng.

Teu lila datang Si Minah mawa doedoewitan tapok toetoet, tapok kejong djeung běling bari ngamong, pokna: „Meuli samběleun noen sapeser, tapi hajang tjabe tjengek, minjak sadoewit, laoek tiloe doewit, kopi sapeser, ketjap doewa sen djeung oeras lima sen, noen.”

„Mangga.” Toeloej koe Si Asněm díladangan, ari minjak ditakěrna koe tjangkang djengkol.

„Meuli ontjom deui noen doewa doewit.” Toeloej koe Si Asněm dibere sěsěmplekan kěnteng opat gěbleg.

Tidinja batang deui batoer oelinna ngaranna Itas, anak tatanggana, rek barangbeuli, omongna:

„Ngagoweng apoe djeung seureuh sapeser noen, angeun tiloe doewit, oejah sapeser. Ari ijeu koeměli sabraha sadoewitna noen?”

„Dalapan,” tjek Si Asněm.

„Hinteu kenging sapoeloeh?”

„Beu! mahal koering meulina ge ti pasar, tapi kadjeun mangga bae tah salapan, sapedah ka baraja.”

Tidinja Itas dibere batoe anoe mareudjeuhna, rejana salapan.

Sanggeus dadagangan toeloej Si Asněm ngandjang ka Si Minah, bari kikiriman. Barang datang ngomong, pokna: „Poenten noen!"

„Rampes, tjalik noen.”

„Mangga.” Toeloej Si Asněm asoep ka imah-imahan Si Minah, bari njodorkeun kikiriman teja sarta ngomong, pokna: Ijeu noen loemajan bae terong sareng katjang.”