Kaca:Mangle, nja eta roepa-roepa tjarita reudjeung tjonto.pdf/18

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
12

„Amboe, make barangkirim, njoesahkeun teuing noen."

„Teu noen, teu njoesahkeun."

Tidinja Si Minah njodoran wadah seupaheun bari ngomong: „Mangga noen ngalĕmar." „Mangga", tjek noe disoegoehan tih. Teu lila disoegoehan ngopi. Omong Si Minah: „Mangga geura ngaleueut, lalawoehna mah teu sae. „Mangga," tjek Si Asněm.

Barang geus rada lila Si Asněm ngomong, pokna: „Poentěn bae koering ijeu noen."

„Mangga, dihatoeranan naon atoeh koe koering noen, sing minděng bae tjalik ka dijeu."

„Mangga noen. Tjing mangga atoeh oerang tjalik ka ditoe."

„Mangga isoek deui noen."

Toeloej Si Asněm balik.




VI. TEJANGAN KĚTJAP-KĚTJAP ANOE MAKE AKSARA NOE DITOELIS DI HANDAP IJEU.

b, b, r, ng, a, a, a = bangbara
s, r, k, ng, a, a, a =
j, l, l, a, a, ng, a =
r, g, g, a, a, a ng, n =
oe, w, r, m a, a =
t, i, a, p, h, oe =
n, l, k, t, oe, e, r =
oe, i, i, s, r, l =
l, k, m, oe, ě, i =
n, n, p, r, tj, a, a, oe =
r, m, b, k, t, a, oe, i, i =
g, ng, l, g, i, oe, oe =