Kaca:Mangle, nja eta roepa-roepa tjarita reudjeung tjonto.pdf/23

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
17

Tjek bapana: „Tah! ajeuna mah karasa koe silaing, mana ari djadi boedak oelah barangtjokot sakoemaha karěp, lamoen hěnteu karana aja idin kolot, da ěngke ge mo boeroeng dibere sarta dimeudjeuhnakeun. Geuwat ajeuna eta boewah bawa ka oeroetna tadi!”

Kasim eraeun katjida doemeh dosana kaboeka, toeloej boewah teh diteundeun deui ka pangkeng. Tidinja Kasim dibere sangoe, dititah njatoe sakarěpna, tapi dadaharanana ngan saeutik, sabab eraeun keneh.




IX. DJANGKRIK.

Di lěmboer Tjidoerian loba pisan baroedak anoe keur mareudjeuhna keneh rěsěp oelin. Isoek-isoek maranehanana arindit ka sawah rek narejangan djangkrik, gawena tingkaroreh dina djoekoet: aja noe meunang djangkrik tatamboeran, aja noe meunang djangkrik tiktikěr, djeung sawareh aja noe meunang djangkrik bawang. Toeloej koe maranehanana dipangalakeun kahakanan njaeta gelang djeung aja oge anoe diparaban koe tjabe.

Děmi ditareundeunna dina roewas anoe beunang ngaloes-ngaloes atawa dina kaleng. Tidinja koe baroedak teh gěr diadoekeun dina logak; anoe teu daekeun diadoe koe maranehna dioenda, diarah mabokna. Djangkrik diadoe sarta disada, sawareh aja noe něpi ka simping; baroedak teh soeka seuseurian tjatjalakatakan bari njolokan djangkrikna.

Barang baroedak keur soekan-soekan kitoe, aja goeroe njampeurkeun sarta mariksa:

„Eukeur naon baroedak ngarijoeng di dijeu?"

2