Kaca:Mangle, nja eta roepa-roepa tjarita reudjeung tjonto.pdf/22

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
16


bapana ka sawah djeung indoengna ka pasar, Si Kasim asoep ka pangkeng, njokot boewah lima noe panggědena. Ari pangirana Si Kasim eta boewah teu dibilang anoe matak wani njokot teh. Ari boewahna noe hidji dikandoeng, anoe opat deui disoempoetkeun handapeun anggělna.

Tina liwat saking beukina kana boewah, Kasim toeloej ka pipir leuit ngadon ngahakan boewah anoe dikandoeng teja. Tina ngeunahna manehna asoep ka imah rek njokot hidji deui, tapi teu toeloes, sabab bapana kaboeroe datang.




Barang gok ge amprok, bapana geus njahoeun bae, jen Kasim měntas ngahakan boewah, sabab katara dina leungeunna lamokot keneh, soengoetna koneng sarta mělěngsěng baoena, tapi bapana api-api teu njahoeun bae.

Geus kitoe Si Kasim bidjil, toeloej bapana asoep. ka ěnggonna, sarta boewah teh kapanggih handapeun anggělna.

Ari sorena keur waktoe dadaharan, Kasim ngan dibere boewah bae, anoe beunang bapana njokot tina handapeun anggělna teja.

Isoekna nja kitoe deui bae, samemeh bapana ka sawah, dadaharan heula, tapi Si Kasim teu dibere deui bae sangoe, ngan diasoran boewah woengkoel, menta oge sangoe teu dibere.

Děmi sorena nja kitoe deui bae, ngan disodoran boewah, tapi hěnteu dihakan, sabab koe boewah mah geus seubeuheun, hajangeun soteh sangoe. Tina sabab peuriheun beuteungna hajangeun njatoe, toengtoengna tjeurik.