Kaca:Mangle, nja eta roepa-roepa tjarita reudjeung tjonto.pdf/21

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
15


boeng teh leutik teuing, da anoe dewek mah hade geuning.”

Kira-kira poekoel tiloe, toeloej eta doewa boedak baralik. Di djalan leumpangna ajang-ajangan, wantoening djeung sobat dalit; waktoe arek papisah Si Onah ngomong ka sobatna: „Isoekan oerang kokoletjeran deui nja Bra?” „Hajoe,” wangsoelna Si Ibra.

Tjoba ajeuna oerang rek nanja ka moerid-moerid: kai naon anoe sok didjijeun koletjer? djeung kai naon anoe pangaloesna? Sarta ngan kai bae anoe sok didjijeun koletjer teh? Djeung iraha dipakena?



VIII. BOEDAK TJĚTJĚRĚMĚD.

Dina kěbon Bapa Kasim loba pisan tangkal boeboewahan: aja tjaoe, balingbing, djamboe-bol, nangka, djěroek, boewah, manggoe, doekoeh djeung reja-reja deui.

Dina hidji mangsa keur waktoe tangkal boewah keur boewahan, Kasim ditjaloekan koe bapana, pokna: „Hajoe Kasim oerang ngala boewah, tjig menta taradje ka indoeng djeung mawa randjang keur wadahna.” Toeloej boewah teh dipoepoe: aja noe geus arasak sarta galěde djeung aja deui noe aratah keneh.

Si Kasim koe bapana dibere doewa anoe panggalědena. Euleuh Si Kasim atoheun pisan sarta boewah teh dihakan harita bae. Barang geus anggeus moepoena, toeloej baralik sarta boewahna diampihan di pangkeng.

Katjaritakeun Kasim teja boedak bageur, ngan eta sok tjětjěrěměd kana kahakanan. Ari isoekna sabot