Kaca:Mangle, nja eta roepa-roepa tjarita reudjeung tjonto.pdf/20

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
14

hěnteu dipalintjang heula,” tjek Si Ibra. „Tjoba kadijeukeun, oerang mangmalintjangkeun.” Tidinja sok koe Si Onah disodorkeun ka Si Ibra.

„Heh, ajeuna mah geura tanggěrkeun deui,” tjek Si Ibra: geus kitoe toeloej koe Si Onah ditanggěrkeun.

„Toeh, geuning ajeuna mah daekeun měnit, hajoe Onah oerang ka saoeng ngijoehan!”

Bral eta doewa boedak ngarijoehan ka saoeng.




Barang geus aja di saoeng, maranehanana lalangkarakan bari nendjokeun koletjerna. Si Ibra ngomong ka Si Onah:

„Euj, tjoba dengekeun, koletjer dewek mani ngereng-ngerengan bae bari ngadoedoedan djeung tatanggěrna moenggah mělěndong-mělěndong bae, boeboentoetna ngalěmpaj kawas tjetjepet laoek noe keur ngangkang.”

„Geura noe dewek ge sakeudeung deui njěgoek,” tjek Si Onah. „Toeh geura Bra! tendjo tatanggěrna geus mělěndong, meh antěl kana dahan poetat. Djěgoer! Amboeing mani kawas sora bědil bae.” Eta doewa boedak hěnteu kira-kira soekana ngadenge koletjerna disada patembalan. Tina gědena angin koletjer Si Onah ngěboel. Tjek Si Onah: „Euj, Bra! tjoba tendjo itoe baroengboeng koletjer dewek koenaon ngěboel kawas seuneuan.” „Onah, geuwat balikkeun ebegna!” tjek Si Ibra. Toeloej Si Onah loempat njokot gantar, sarta eta koletjer ebegna dibalikkeun, koletjerna ragrag. Barang katendjo koe Si Onah baroengboengna toetoeng, manehna nanja ka sobatna: „Koenaon Bra, baroengboengna toetoeng?”

„Kapan panas, da bongan silaing njijeun baroeng-