Kaca:Mangle, nja eta roepa-roepa tjarita reudjeung tjonto.pdf/25

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
19

Koetina kaäloesanana eta kěbon, reja pisan menak-menak noe tjaralik kadinja, oepama eukeur ngaronda lěmboer-lěmboer.

Katjaritakeun eta djoeroe tani boga anak doewa: awewe hidji, lalaki hidji; ari tjikalna, lalaki ngaranna Si Dasim, děmi adina Si Saminah.

Si Dasim bangor katjida sarta tara noeroet ka omong bapana, ari Si Saminah mah hěnteu kitoe.

Dina hidji peuting bapana ngomong ka anak-anakna, pokna: „Baroedak, lamoen maraneh rek ka kěbon, poma-poma pisan oelah aroelin di handapeun kadoe, bisi katinggang koe boewahna.” Djawab anak-anakna: „Mangga bapa, sědja diëstokeun pisan.” Tapi ari pamikir Si Dasim, bapana ngomong kitoe teh ngan koe sabab njaäh koe boewahna bae bisi diala, da galěde nakěr.




Ari isoek-isoek samemeh baranghakan Si Dasim ngadjak oelin ka adina ka kěbon.

Djawab adina: „Ah, alim kaka, da eta koering mah tatjan njatoe, djeung kaka mah tara mere boewah.”

Tjek Dasim: „Hih, teu oemoem, ĕngke koe kaka dipangalakeun sing reja.” Geus kitoe toeloej ka karěbon.

Barang datang Si Dasim toeloej ngala djěroek paseh sarta dihakanan diloehoer, tapi ari Si Minah mah teu dibere. Tidinja Si Dasim toeroen rek ngala deui kadoe.

Omong Si Minah: „Kaka, mana koering něda djěroek paseh? Kaka mah hajang seubeuh sorangan bae, ari ka koering mah teu mere.”

Djawab Dasim: „Engke rek ngala kadoe heula!”