Kaca:Mangle, nja eta roepa-roepa tjarita reudjeung tjonto.pdf/26

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
20

Omong Si Minah: „Aeh kaka, geuning saoer bapa oelah ngadeukeutan tangkal kadoe bisi katinggang boewahna.”

Wangsoel Dasim: „Hih, ari boedak bodo, bapa mah ngomong kitoe soteh, lěbareun koe boewahna bae.” Sanggeus ngomong kitoe Si Dasim njokot gantar, toeloej naek kana dahan kadoe noe handap.

Tidinja manehna ngadjoel boewah kadoe anoe panggědena. Tapi, weu, tjilaka: eta kadoe ragragna mapaj gantar, ana ninggang kana beungeutna, Si Dasim ragrag sarta kapaehan.

Si Minah tjeurik bari loempat ka imahna bebedja ka bapana, jen Si Dasim ragrag tina kadoe sarta beungeutna katinggang koe boewahna.

Barang bapana ngadenge omong anakna kitoe, toeloej moeroe ka kěbon, ana ditendjo Si Dasim enggeus ngadjolor, toeloej koe bapana digandong dibawa ka imahna. Ari raheutna djěro pisan, meunang saboelan mah Si Dasim hendeu bisa kaloewar-loewar.



XI. BOEDAK ANGON.

Dina hidji lěmboer aja hidji djalma noe reja moendingna, ngaranna Dipa. Demi pangangonna aja doewa, nja eta Si Bontjel djeung Si Patjet.

Dina oesoem njamboet eta moending saban isoek sok dipake di sawahna atawa disewakeun. Dimana měntas dipake, toeloej diarangon koe eta doewa boedak ka těgal. Lamoen moendingna keur djongdjon njaratoean, baroedak angon teh sarěnangeun,