sakapeung mah naek kana peuteujselong atawa toempak moending bari kakawihan.
Eta doewa boedak sedjen kawihna pada mawa karěp sorangan. Ari Si Bontjel ngawihna bari toempak moending, kijeu pokna:
Doedoekoej pělěntoeng digantoeng, digantoeng dikakaitan.
Koe indoeng didjoeroeng njandoeng, koe bapa ditjeungtjeurikan.
Ari Si Patjet eundeuk-eundeukan dina tangkal djarak barina ngawih, kijeu pokna:
Dengkleung dengdek, boewah kopi raranggeujan.
Mingkeun noe dewek, oelah pati diheureujan.
Djeung loba-loba deui kawihna eta doewa boedak djaba ti eta.
Teu lila Si Patjet ngomong ka batoerna, pokna: „Euj! hajoe oerang njarijeun taleot keur ěngke ari balik." Tjek batoerna: „Hajoe euj!”
Toeloej maranehna ngarala taneuh porang sarta toeloej diěmple-ěmple didjijeun taleot. Tjek Si Bontjel: „Kari njijeun moemoendinganana keur adoekeuneun ajeuna euj!" Tjek batoerna: „Hajoe."
Toeloej maranehanana njarijeun moemoendingan sarta pek diadoekeun. Maranehananana teu kira-kira saroekana, seuseurian tjatjalakatakan.
Barang geus rada bosěneun Si Bontjel ngomong ka Si Patjet, pokna: „Hajoe euj oerang maraling bonteng! Tapi Si Patjet diadjak teh hěnteu daekeun, omongna: „Ah, emboeng dewek mah sijeun kapanggih koe noe boga. Silaing oge oelah euj, bisi ditalian." Tapi Si Bontjel hěnteu daekeun noeroet, toeloej bae maling bonteng.