Kaca:Mangle, nja eta roepa-roepa tjarita reudjeung tjonto.pdf/28

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
22

Barang keur ngala bonteng bari noengtoet ngahakanan, anoe boga bidjil ti saoeng, toeloej ngoedag ka Si Bontjel. Si Bontjel kasoesoel sarta dirangketan koe njere datangka ngagaralang.

Tjek Si Patjet: „Anggoer oerang sosorodotan euj, djeung maling bonteng mah matak diteunggeulan." Toeloej maranehanana ngarakoetan leutak ti sawah dibawa ka noe lamping, sarta toeloej sosorodotan. Tatapi Si Patjet hěnteu lila sosorodotanana, omongna: „Ah, dewek mah anggeus euj, da moending sijeun ngarandjah kana pare batoer." Toeloej bae mandi sarta noenggoean deui moendingna.

Ari Si Bontjel mah tonggoj bae sosorodotan, toeng-toengna moendingna ngarandjah kana kěbon katjang batoer. Noe boga ngamběk, toeloej ditejangan boedak angon teh, ana kapanggih keur sosorodotan bae. Si Bontjel bejak běresih ditjarekan koe noe boga kebon katjang teh.

Barang geus boerit toeloej baralik sarta moendingna digiringkeun. Tapi Si Bontjel balikna hěnteu soeka tjara sasari, rada ngoejoeng, sabab njěrieun awakna, sarta kasijeunna dibedjakeun ka djoeraganana, jen kitoe lampahna. Děmi Si Patjet balikna toempak moending bari nabeuh taleot.


XII. KAHOEROEAN.

Si Djabrig anak toekang ontjom boga sobat dalit pisan, ngaranna Si Kejong. Manehna ana oelin sok rerentetan bae.

Dina hidji powe Si Djabrig ngomong ka sobatna,