Kaca:Mangle, nja eta roepa-roepa tjarita reudjeung tjonto.pdf/29

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
23

pokna: „Jong! hajoe euj oerang oelin ka tangsi nendjokeun pěrdjoerit baris, geura rěsěp nakěr.

„Kana naonana silaing resep teh Djabrig?" tjek Si Kejong.

„Ah, eta dewek mah euj ka noe djiga těrěbang, geuning sok disorendang." „Hih, Si doesoen," tjek Si Kejong, lain těrěbang eta mah, tamboer ngaranna.

„Ari silaing kana naonana nja rěsěp?" tjek Si Djabrig.

„Beu, dewek mah model, nja eta ka toewan Adjidanna. Geura euj resep pisan, nendjo pědangna goegoerilapan kawas eunteung bae djeung dina taktakbadjoena sok make omjok pasmen; euleuh, aja ginding nja euj!"

Sabot eta boedak keur ngomong kitoe, trong aja noe nitirkeun kohkol. Si Djabrig ngarendjag, pok ngomong ka sobatna: „Euj, sada noe nitirkeun kohkol? Geura dengekeun: trong! trong trong! tah, tetela euj, bowa aja noe kahoeroean." „Ah, tatjan poegoeb, bowa teuing aja noe ngamoek atawa noe minggat ti boewi," tjek Si Kejong. Toeh geuning aja noe loempat, tjoba tanja Djabrig." „Wah, mang! aja naon loe-loempatan?"

Djawab noe loempat bari toeloej: „Kahoeroean! geuning eta kohkolna nongtrongan bae djeung lotjeng digojangkeun."

„Lailah ěnja bae, di mana mang? Djeung imah saha noe kahoeroean teh?"

Djawab noe ditanja tadi teh: „Bedjana mah di koelon, di Poengkoer."

„Euleuh Kejong, tjoba itoe tendjo, haseupna wani ngabělégěděg!” tjek Si Djabrig.