Kaca:Mangle, nja eta roepa-roepa tjarita reudjeung tjonto.pdf/31

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
25

kana seuneu, eta teh ambrih naon?" Ari djawab indoengna: „Eta gawena soepaja imahna oelah kabeuleum."

„Geuning meh bae bejak kabeuleum, tjek Si Djabrig, ngan hadena bae kaboeroe koe kompa. „Hih, eta mah montong pandjang tjarita, da Eteh ge bedja deui ti ěmbah, nja ari kabeuleum mah geus takdiring Goesti Allah bae."

„Beu, lamoen kitoe mah nja matih kompa tibatan pakarang teh kana seuneu mah, nja Eteh," tjek Si Djabrig.


XIII. MARIJAH DJEUNG SAMSI.

Dina hidji kampoeng aja hidji boedak sakola ngaranna Samsi. Eta boedak sakolana kakara pangkat kahidji. Didinja geus ngabakoe dina oenggal-oenggal toetoep boelan moerid-moeridna sok dibagi gěrip hidji sewang.

Měněran dina powe; Senen toetoep boelan, baroedak kabeh pada ngarěp-ngarěp kana dibagi gěrip. Aja oge noe njoehoenkeun, tapi koe goeroena hěnteu digoegoe, koesabab geus tereh baralik.

Barang geus boebaran sakola goeroena njaoer ka moerid-moerid, saoerna: „Baroedak, isoekan poekoel dalapan isoek-isoek koe kami rek dibagi gěrip, tatapi saha-saha noe ělat datang mowal dibere." Eta moerid-moerid barang ngadenge saoer goeroena kitoe aratoheun pisan, toeloej baralik.

Barang geus daratang ka imah-imahna, maranehanana djangdji ka indoengna hajang dihoedangkeun isoek-isoek.