Kaca:Mangle, nja eta roepa-roepa tjarita reudjeung tjonto.pdf/32

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
26

Isoekna powe Salasa moerid-moerid geus darijoek dina satempat-tempatna. Tidinja toeloej koe goeroena dibagi gĕrip hidji sewang. Barang poekoel sapoeloeh moerid-moerid ka loewar aroelin, wantoening waktoe eureun.

Si Samsi toeloej ka noe dagang katjang beureum, tapi ari rek meuli teu bogaeun doewit, koedak-kodok kana pesak ngan aja gĕrip bae. Tidinja los njampeurkeun ka Nji Marijah sarta bari ngomong, pokna: „Nji Marijah ijeu beuli gĕrip koering tiloe peser."

Ari tjek Nji Marijah: „Ah, ĕmboeng, lamoen sasen mah daek." „Mangga bae, "tjek Si Samsi. Sok dibajar koe Nji Marijah. Geus kitoe Samsi loempat ka noe dagang katjang beureum teja sarta toeloej meuli sapeser, ari noe sapeser deui dibeulikeun kana bandrek.


Barang geus ditongtrongan, toeloej moerid-moerid arasoep deui. Tidinja goeroena miwarang noelis dina sabak sarta toeloej andjeunna njontoan dina papan.

Moerid-moerid prak naroelis, tapi ari Samsi tjitjing bae, sabab teu bogaeun gĕrip. Katingali koe goeroena, toeloej Samsi dipariksa: „Samsi, naha maneh tjitjing bae henteu noelis?

Pihatoerna Samsi: „Soemoehoen teu gadoeh gĕrip." Goeroena mariksa deui: „Naha dikamanakeun gĕrip maneh? Kapan tadi dibere." Wangsoel Samsi:„Soe moehoen leungit." Koe goeroena dilělěkan sarta Samsi toeloej ngakoe, jen gĕripna didjoewal ka Nji Marijah sasen, njajeta moerid batoerna keneh.

Goeroe mariksa ka Nji Marijah saoerna: „Marijah, ĕnja maneh meuli gĕrip sasen ti Samsi?" Pihatoerna „Soemoehoen. "Saoer goeroena: „Samsi geuwat