Kaca:Mangle, nja eta roepa-roepa tjarita reudjeung tjonto.pdf/33

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
27

poelangkeun deui doewitna ka Marijah." Ari wangsoel Samsi: „Soemoehoen parantos seëp dibeulikeun kana katjangbeureum sareng bandrek.

Toeloej Samsi djeung Nji Marijah doewanana disiksa. Samsi sanggeus boebaran sakola ditjandak ka boemi goeroena disina nganggeuskeun pagaweanana. Nji Marijah ge disiksa, koesabab wani-wani meuli gĕrip ti Samsi, karana di sakola teu meunang djoewal meuli atawa oeroep-oeroepan. Tidinja goeroena njaoer deui ka Nji Marijah, saoerna: „Eta gĕrip koe maneh koedoe dibikeun deui ka Samsi, djeung Samsi koedoe menta sasen ka Ema pikeun ngagantian.

Isoekna Samsi menta doewit ka indoengna. Tjek indoengna: „Keur naon maneh menta doewit?" Wang soel Samsi: „Keur ngagantian gĕrip ka Nji Marijah, sabab gerip koering didjoewal ka manehna, ari doe witna koe koering geus bejak." Toeloej koe indoengna dibere bari ditjarekan.

Koesabab eta sakabeh moerid-moerid oelah wani oeroep-oeroepan atawa ngadjoewal parabot sakola, sabab teu hade sarta njoesahkeun ka kolot djeung ka goeroe.


XIV. AMBIL-AMBILAN.

Di lemboer Lengkong loba baroedak awewe djeung lalaki, aroelinna sakapeung sok tjampoer sakapeung sok misah.

Dina hidji powe, kira-kira poekoel lima sore, keur waktoe baroedak lalaki anoe galĕde aroelin ka sawah, boedak awewe djeung baroedak lalaki noe laleutik ngarijoeng, sědjana rek aroelin.