Kaca:Mangle, nja eta roepa-roepa tjarita reudjeung tjonto.pdf/37

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
31

Tidinja manehna dodongkoan rek njokot areng, barang top njokot, kaběněran anoe nanggoeng teh ngalijeuk, toeloej tanggoenganana diëtjagkeun, sarta toeloej ngoedag Si Tahir, datangka beunangna.

Geus kitoe Si Tahir diperong koe arěng. Si Tahir tjeurik gegěroan, toeloej balik ka imahna. Sapandjang djalan manehna diagěr-ager sarta dipoepoeas, pokna: „Tah kitoe, ari noe tjoelika mah sok aja babalěsna.


XVII. NGAKOET.

Si Djasim ngomong ka batoerna oelin ngaran Si Běgoe, pokna: „Běgoe, silaing rek mantoean ngakoet ka djoeragan loerah?"

Běgoe: „Naha iraha ngakoetna djoeragan loerah teh?"

Djasim: „Apan isoekan, naha bapa silaing henteu dihiras?"

Běgoe: „Teu njaho, da dewek mah kakara datang ti pangangonan. Ah, dewek ge rek mantoean, lamoen ĕnja mah rek ngakoet, da sok reja soesoegoehna."

Djasim: „Atoeh poegoeh, meuntjitna ěmbe ge gěde naker, djeung rěsěp euj, sok loba noe mantoean, malah răngkongna ge sababaraha pasang djeung make nanggap ogel."

Běgoe: „Tjik atoeh dewek ngindjeum rantjatan."

Djasim: „Naha dikamanakeun rantjatan silaing? apan bareto boga aloes pisan."

Běgoe: „Apan bareto potong, basa keur mantoean ngakoet ka Pa Marah."

Djasim: „Hade lamoen noe silaing potong mah, sabab da dewek rek make rĕngkong."