Kaca:Mangle, nja eta roepa-roepa tjarita reudjeung tjonto.pdf/38

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
32

Běgoe: „Naha silaing boga rengkong? Rasa dewek silaing mowal kadoega make rĕngkong, da ěnja ge saeutik bawana, rengkong mah koedoe digoebag-gabig, matak njěri awak."

Djasim: „Ih, sageuj! kapan geus dipangnjijeunkeun koe Bapa rĕngkong leutik, ngan opat geugeus momotna ge, geus ngalajan djeung Si Sarpan, malah kamari ge geus dipětjak-pětjak."

Běgoe: „Ah, handjakal dewek henteu menta dipangnjijeunkeun ka Bapa. Atoeh ngindjeun rantjatan silaing teja bae euj, da njijeun rengkong mah mowal kaboeroe."

Isoekna Si Sarpan njampeur ka Si Djasim, tidinja toeloej doewanana ka Si Běgoe. Teu lila bral tiloeanana arindit ka sawah, tatapi barang datang kadinja tatjan reja djalma, ngan toekang mitěmbějan geus kasampak keur dijoek bari njanghareupan papakean anoe araloes djeung lawon bodas, pikeun ngadangdanan Iboe. Tidinja eta Iboe toeloej didangdanan make karembong loktjan, samping satrija djeung make ditijoengan koe lawon bodas.

Děmi lalakina make diběndoan. Toeloej eta Iboe dikoekoesan, sarta make disodoran doewěgan, roedjak tjaoe djeung roedjak kalapa.


Eta boedak noe tiloean teja marolotot bae nendjokeun bari sěmoe heran, karana ěnja oge manehna geus mindeng mantoean ngakoet, ari noe kitoe mah tatjan pisan njahoeun, sabab datangna sok geus bareurang.

Barang geus meunang sadjongdjongan, Si Djasim nanja ka toekang mitěmbějan, anoe ngadangdanan pare teja, pokna: