Kaca:Mangle, nja eta roepa-roepa tjarita reudjeung tjonto.pdf/39

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
33

„Ěmbah, naon ngaranna eta noe dibeungkeutan laleutik teh geuning daoenna henteu dipitjeunan sarta meungkeutna koe kanteh."

Ěmbah: „Eta ngaranna tjěpil, nja eta pare noe tjeulian."

Djasim: „Ari eta noe ditijoengan lawon bodas djeung noe ditotopongan naon ngaranna?

Ěmbah: „Ih oedjang, eta mah ngaranna Iboe istri-paměgět."

Djasim: „Djeung eta anoe dikoekoentjoengan, naon ngaranna?"

Ěmbah: „Ari eta mah Tjapit, minangka noe djadi tanda pangiring Iboena."

Djasim: „Geuning make disodoran doewěgan djeung roedjak tjaoe."

Ěmbah: „Ih, kapan samemeh indit, Nji Sri sina barangtoewang heula."

Djasim: „Embah, naon sababna noematak saban noe ngakoet sok make Iboe?

Ěmbah: „Koemaha oedjang teu atjan mangarti? Eta Iboe hartina iboena Nji Sri, soepaja andjeunna tětěp. Sabab lamoen taja Iboe, ibarat oerang teu boga indoeng bapa, djadi teu poegoeb toetoerkeuneun."

Sanggeus rada beurang, boeroeboel pirang-pirang djalma kolot boedak, anoe rek mantoean ngakoet teja. Ogelna geus sadija, pada ngarais dogdogna sarta toekang răngkongna geus pada njarěkělan hatong.

Barang toekang ogel nabeuh dogdogna, bral arindit. Iboena digotong dina djampana, anoe make dihoeloenaga. Ari leumpangna ngaleut: pangheulana ogel, toekangeunana djampana, geus kitoe katoemboe koe răngkong djeung noe nanggoeng geugeusan.

3