Kaca:Mangle, nja eta roepa-roepa tjarita reudjeung tjonto.pdf/50

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
44

Ditendjokeun koe amboe Bonim, sarta toeloej ditanja, pokna: „Naha sija njatoe teh tjaman-tjemen teuing semoe noe teu hajang?”

Wangsoel Si Bonim: „Njeri beuteung.”

Tjeuk indoengna: „Njeri beuteung koemaha?”

Wangsoelna: „Eungap.”

Tjek indoengna: „Manggih baranghakan dimana, djeung naon anoe dihakan teh?”

Si Bonim sijeuneun nendjo indoengna ngamběk, toeloej ngakoe sakoemaha noe geus kalampahan koe manehna, pokna: „Koering teh tadi isoek-isoek basa keur oelin papanggih djeung paman, mere doewit ka koering lima sen. Eta doewit koe koering dibeulikeun kana peujeum sampeu, tjendol djeung roedjak kalapa.”

Tjek indoengna: „Naha atoeh sija teh mana henteu ngagoegoe, geuning tjek aing, ari boga doewit oelah sok meulian anoe matak goreng kana beuteung. Lamoen henteu noeroet bae, paman maneh koe aing rek dibedjaän, oelah sina mere doewit ka maneh, soemawonna aing mah mowal pisan mere. Tah, tjoba maneh oepama noeroet mah kana omong kolot, mowal sok mindeng teuing njëri beuteung.”

Tidinja toeloej indoeng Si Bonim ngala daoen dadap, digelang djeung apoe, dioebarkeun kana beuteung Si Bonim. Mana horeng lain njeri beuteung, ngan kaměrěkaän baé.

Tatapi tina sabab loba teuing baranghakanna, toengtoengna oetah-oetahan. Sanadjan indoengna boga laoek oge djeung kahakanan ngeunah, manehna henteu miloe njatoe, da ngan oetah-oetahan bae.

Ari isoekna Si Bonim gěringna beuki katjida baé, datangka henteu bisa hoedang-hoedang atjan.

Dina djěro sapoeloeh powe Si Bonim henteu bisa