Kaca:Mangle, nja eta roepa-roepa tjarita reudjeung tjonto.pdf/53

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
47

koedoe dipijara masing hade, oenggal powe koedoe diparaban sarta diinoeman.”

Onon atoheun pisan, sabab manehna geus lila hajangeunana boga djapati, datangka sok kaimpi-impikeun.

Eta djapati koe Onon dioesapan, tapi giras keneh, gantjang dilaän ringkoesna, sarta diasoepkeun kana koeroeng. Toeloej manehna menta bejas ka indoengna djeung tjatjangkir wadah tjai.

Dina sapowe harita Onon leuwih tina sapoeloeh kali ngalorisna djapati, djeung hade mijarana. Tapi barang geus meunang saminggoe lilana, Onon geus rada poho kana papatah bapana.

Dina hidji mangsa manehna roesoeh ka sakolana, tjoel bae djapatina henteu diparaban heula.

Barang datang ti sakola, bapana ngomong, pokna: „Onon, koemaha djapati teh geus diparaban?” Onon eraeun pisan, sabab ingět djapatina samemeh ka sakola henteu diparaban heula.

Tidinja Onon rek moeroe djapatina, tapi tjek bapana: „ajeuna mah ěntong, sabab ĕnggeus diparaban koe bapa, da karoenja, tapi ti sěrěk ajeuna ka hareup koedoe djadi ingět, djeung lamoen henteu gěten kana tjotjoöan, djaga mowal boga naon-naon.”

Koesabab Onon katjida eraeunana djeung karoenjaeun kana djapatina, beuki gěten baé. Saban powe tara poho maraban djapatina.

Teu lila djapatina ěndogan, sarta toeloej měgar. Anakna doewa araloes pisan. Nja kitoe bae satoeloejna, datangka lila-lila djapatina djadi loba pisan.

Didjero doewa taoen geus leuwih tina doewa poeloeb. Tina geus loba teuing, sawareh dibikeunan ka batoerna oelin, sawareh didjoewalan, satalen sahidjina, ari ladangna ditjengtjelengankeun.