Kaca:Mangle, nja eta roepa-roepa tjarita reudjeung tjonto.pdf/64

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
58

sanggeus nampa panglaporna Wadana djeung toewan Controleur. Ari noe didjadjikeun loerah, njaeta djalma beunang milih somahan.


XXXII. SOEWALAN.

  1. Aja hidji kětjap anoe beunang dibagi doewa: ketjap noe kahidji noedoehkeun bagian dina oenggal-oenggal imah, tapi ajana diloehoer-loehoer; ari kětjap noe kadoewa bagian awak noe pangloehoerna. Oepama dikantetkeun djadi ngaran tangkal. Naon eta?
  2. Aja deui hidji kětjap noe beunang dibagi doewa: kětjap noe kahidji ajana dina bagian oenggal-oenggal gědong; kětjap noe kadoewa nja eta parabot dahar; doewanana lain djijeunan di poelo Djawa. Oepama dikantetkeun djadi ngaran kěmbang. Naon eta?
  3. Djeung aja deui hidji kětjap noe beunang dibagi doewa eta doewanana noedoehkeun bagian imah. Oepama dikantetkeun djadi ngaran tangkal. Naon eta?

XXXIII. TANEUH PORANG.

Aja doewa boedak lalaki sosobatan, noe hidji ngaranna Samdji, noe hidji deui ngaranna Tarwan. Dina hidji powe eta doewa boedak leumpang babarengan ka těgal, narejangan taneuh porang sisi gawir, toeroet-toeroet soesoekan. Barang maranehanana geus meunang taneuh, toeloej baralik. Tidinja Samdji silihtanja djeung Tarwan, kijeu pokna: