Kaca:Mangle, nja eta roepa-roepa tjarita reudjeung tjonto.pdf/9

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

I. OETJING-OETJINGAN.

Dina hidji peuting, měněran keur gěde boelan serta lenglang henteu aja pihoedjaneun, di lěmboer Tjiateul koempoelan baroedak rek aroelin.

Ari anoe panggědena di antara eta baroedak, anak toewakampoeng ngaranna Santa. Manehna ngomong ka batoerna kabeh, pokna:

„He, batoer-batoer! ajeuna hajoe oerang oetjing-oetjingan; oetjing loempat bae make kalang, tapi saha-saha anoe kaloewar tina kalang, eta noe djadi oetjingna.”

Tjek batoer-batoerna: „Hajoe atoeh!”

Toeloej Santa njaloekan batoerna anoe ngaran Apen, pokna: Apen, silaing njokot lěboe, toeloej njijeun kalang, sing djaoeh pangloempatanana sarta kalang boeleudna sing gěde, sabab loba batoer."

Hěnteu koengsi lila kalang geus anggeus. Tjek Santa:

Koemaha make boeboedoegan atawa dibilangan bae?"

Djawab batoer-batoerna: Ah, měnding dibilangan bae, sabab ari koe tjangreud mah, sok teu pati katara, wantoening ti peuting."

„Enja! tjek Santa, keun dewek anoe milanganana, kadarijeu koempoel di loewareun kalang!"

Tidinja pek dibilangan bari noendjoek ka saoerang-sooerang, kijeu oenina: „Tjok, tjang, si, pěntjok, si, katjang, si, niti, anggo, lati, laměta, dening, si, togog. Tah, salaing Asboen, djadi oetjing, hajoh

1